Sendal Kuring

Di hiji poe jum’at saberes jum’atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong,,

Si Ucok: “Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??”
Barudak: “Sendal nu kumaha bang??”
Si Ucok: “Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk”
Barudak: “Wah teu apal bang”

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok… Baca entri selengkapnya »

BH..AYANGKARA

Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Cimalaka, Pak Guru ngalatih hiji-hiji muridna sina kahareup.

Pak Guru : “Mimin tulis kahareup … BHAYANGKARA….”

Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor …. BAYANGKARA

Pak Guru : “Geuning teu pake BH Min … ? (maksudna BHayangkara)

Mimin : “Bet ngangge Pak Guru….” bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.

Nungtut Elmu…

Hiji poe Bu Dedi guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Dedi nanya ka barudak kelas lima.

Bu Dedi, “Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?”

Barudak, “Maneeehh……!” Ceuk barudak saur manuk.

Bu Dedi baeud.

2 X 2 = 0

2 X 2 = 0

Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : “Opat tambah dua sabaraha Nang?”

Unang : “Genep Pa”

Guru : “Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?”

Tuti : “Tilu..”

Guru : “Bener… ari dua dikali dua sabaraha Lih?”

Olih (bari luak-lieuk) : “Seep Pa Guru ….”

Guru : “Naha bisa kitu Lih ?”

Olih : “Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we…”

Guru : “??!!”

ketawa.com
Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.